Hujan
-Ceu Miar -Isah,
anak na ceu miar
-Pawang Hujan -Ceu
Ida
-Sarjana meteorologi -Ustadzah
-Pa Asep -Bu
Asep
-Pak Lurah -Detektip
Dina Hiji poe si isah keur maca dongeng bari tarik di tepas imah
Isah :
Kacaritakeun jaman baheula aya hiji budak pahatu ngarana Sinderella. Menehna
cicing jeung Indung tere na anu galak kacida,
Isuk-isuk jedur manehna geus kudu nyangu jeung ngagorenga bala-bala.
Atuh menahna sok nalangsa nepi ka nyurucud cai mata.
(Ningali budakna ngomong sorangan, ceu miar nyamperkeun bari
gugutrut da geus tilu poe teu mandi. Bari mawa ember )
Ceu Miar :
Isah ari maneh keur naon ngomong sorangan, sugan gering kasaatan ? (Bari gugutrut)
Isah :
Ih si ema meni kitu ka budak teh. Isah keur latihan ngadongeng ma. Panan isuk
teh isah praktek ngadongeng.
Ceu Miar :
Lah sagala teuing sakola teh, nggeus angguranmah pang ngalakeun cai juga ka lebak bisai kaburu beak ku batur. Ema teu
kuat yeuh ararateul geus tilu poe can mandi.
Isah :
Emung ah ma, hoream. Ku ema we atuh.
Ceu Miar :
Eh budak teh ngedo-ngedo teuing. Pek siah seragam nu bodas moal di seseuh, mangkanning geus dua minggu tara kabagean cai
jang nyeseuh.
Isah
: Ih ulah kitu atuh ma, era isah teh began kelekna geus koneng.
Ceu Miar :
Heeuh matakna jugjuga geura bantuan ema ngala cai, nke ku ema nyeseuhna. Urang keeuman ku bulao, sugan
beunang nu koneng na.
Isah :
NYa atuh dieu ma...
Kacaritekeun isah indit bari mawa ember ka lebak pkeun ngala
cai.
Ceu Miar : emh ieu buruan teh mani bala siga benget ABG(
mawa sapu tuluy sasapu). Asa ku nalangsa hirup teh, geus dua bulan sumur
saat, cai hese, duit hese, sakapeungmah sok gegebegan mikiran hutang ka kosipa bisi
teu kabayar ( lagu kosipa)
Mangsa Ceu Miar keur
beberesihih, datang Ceu Neneng jeung Bu
asep nu rek ngajak ngagosip di papangge imah.
Ceu Ida : Beberesih wae ceu Miar,
Ceu Miar : Eeh Teh ida, Bu asep nya yeuh tambih kesel we.
Kadieu atuh urang ngobrol heula
Bu asep : hyap atuh ah
Ceu Ida : Kumaha nya kaayaan kampung urang
teh, geus dua bulan teu hujan sumur geus sararaat asa ku ripuh kieu hidup teh. Jaba
abi mah teu kebeuli cai-cai acan.
Ceu Miar :
Puguh ge ceu, mng teu aya sumur kulit nu di lebak mah kamana mah neangan cai teh. Ari bu Asep mah mereun teu hese cai nya
Bu Asep : Nya alhamdulillah we bu ari abi mah si aa na kersaan.
Jadi basa ngawitan hese cai teh masang PDAM. Tara terang mayarna-mayarna acan da si aa nu nguruskeun
na ge.
Ceu Ida : Emh atuh resep si bapa mah keur teh
PNS, kersaan deuih.
Teu lila si Isah datang bari
mawa ember kosong
Isah : Emaaaa
Ceu miar : Naon atuh isah maneh teh gogorowokan, teu sopan
angguranmah salim tah
Isah : Ma sumur na ge saat ma, eweeuh caian pisan
Ceu Ida : Innalillahi wainnailaihi rajiun,
Ceu Miar : Eleuh kumaha atuh ieu teh, kamana deui ngala cai.
Bu asep : sing saba ibu-ibu, saenyana abi teu ngaraoskeun hese
cai ge, sedih abi mah.
Ceu ida : Ayeuna mah urang laporan we atuh
yap ka bu lurah sugan gaduh jalan kaluarna.
Ceu Miar, Bu Asep, Isah jeung isah ngadatangan imah pak
lurah pikeun ngalaporkeun masalah sumur saat.
Ceu Ida
: Assalamualaikum
Pak lurah
: waalaikum sallam, aya naon ieu teh ibu-ibu
Bu asep :
kieu pak, saurna sumur kulit di lebak anu sok dijadikeun tempat ngala cai ku
warga teh saat,
abdi pribados mah teu masalah dan teu kakirangan mung ieu waga nu sejen karunya
janten teu terang kumaha cara ngala cai.
Pak lurah :
Oh kari kitu mah, saur hemat abdi, urang teh kedah ngantosan hujan
Ceu Ida :
Ari bapak teu hideng sugan, abdi ge terang pak, mung hoyong cai urang kedah ngantosan hujan, tapi ayeuna mah panan usum halodo, mereun urang tehkudu nungguan
opat bulan deui nyah.
Pak lurah : Sabar heula ibu-ibu maksad abi teh, ayeuna abi bade
ngusahakeun sangkan di kampung ieu enggal aya hujan. Sok ayeunamah bewarakeun
ka sararea, sing saha jalma anu bisa ngadatangkeun hujan , bakal di bere hadiah
gede tina kas desa.
Ngadatangkeun rupa-rupa jelema pikeun nuruneun hujan di
kampungna
Dina poe kahiji manehna ngadatangken sarjana
Sarjana :
Nepangkeun abdi ahi klimatologi jeung geofisika lulusan ti Harpad universiti nu
aya di newyork siti.
Warga :
Sok atuh silaing berati jalma ngarti. Menurut silaing kunaon di kampun gieu teu
turun hujan.
Sarjana
: Menurut penelitian abdi, salah satu penyebab kunaon di kampung ieu teu
turun hujan nyaera hembusan angin muson timur anu
ngaliwatan gurun sahara can mawa uap cai pikeun nurunkrun hujan. Dina
etangan abdi ge, kelembaban jeung suhu udara di kampung ieu masih kurang mun
dibandingkun kana barometer jeung can nepi kana kondensasi uap cai di udara.
Pak lurah
: Har, kuring teu ngarti naon nu di obrolkeun ku silaing, ngan intina kuring
hayang nanya bisa teu silaing nurunkeun hujan di
kampung ieu?
Sarjana : hapunten pa, mung abdi teh sanes tuhan.
Pak lurah :
geus ngomong kitu kieu, ari teu bisa mah pokpok we. Teu guna boga elmu teh, indit
siah.
Nu kadua datang hiji ulama anu ngaku nal tur sok ceramah
keliling Indonesia . Poe kadua anjeuna mawa ustadzah. Ibu ibu jeung pa lurah
ngariung ngupingkeun ustadzah ceramah
Ustadzah : salaah
sawios cara Alloh masihan pieling ka umatnya nyaeta ku balai atanapi musibah, panginten
ayeunamah urang sasarengan shalawatan sangkan alloh masihan urang sararea
kasalametan tur enggal nurunkeun hujan di ieu kampung.
Ceu Miar : Kieu nya bu ustadzah ayeuna abdi sareng warga
manggil ibu teh sanes hoyong ngupingkeun ceramah wungkul. Abdi teh hoyong
nyuhunkeun du’a supados kampung abdi enggal enggal diturunkeun hujan.
Pak Lurah: Muhun Bu ustadzaah, kitu saur hemat abdi ge. Kinten
kinten iraha aya na hujan teh
Ustadzah: pami dina kitu na mah teu tiasa mastikeun pa, bu
da sagala na teh teu langkung gusti Alloh. Mung sakitu panginten abdi kaleresan
aya panggilan sukuran di nu sejen. Wasalamualaikum wr.wb
Bu Asep : Aeh aeh meni rurusuhan
itu si bu ustadzah teh ek kamana ceunah
Poe katilu pak lurah manggil detektip swasta,
Pak lurah : nah detektip, kuring hayang anjeun
pangneangankeun kumaha carana sangkan kampung ieu turun hujan
Detektip ; Hampura we pak, da
simkuring teh lain pawang hujan. Lamun mecahkeun kasus mah bisa we, tapi ari
nurunkeun hujan mah lain bagen nana.
Pak lurah : ai silaing koh
detektip serba bisa tapi ning dititah kieu wae teu bisa, balik siah
Margi hujan teu turun wae, akhirna pak lurah manggiil pawang
hujan.
Pawang hujan jeung pa lurah ngumpulkeun sadaya warga di bale
desa sapertos biasa. Ceunah mah baade ngayakeun ritual hujan sangkan hujan
turun.
Pawang hujan : Salah
sahiji cara pikeun ngadatangkeun hujan nyaeta ngayakeun ritual tarian hujan, margi kaayaan na
rumayan beurat, abdi nyuhunkeun sadaya warga ngiringan
tarian hujan ieu.
(Sadaya warga ngiriangan tarian hujan, tarian nana nari tik
tik tik bunyi hujan )
Pawang hujan
: Tah ayeunamah urang tos ngalakukeun tarian hujan, ayeunamah tinggal antosan we, kira-kira bulan september awal di
kampung ieu pasti turun hujan
Ceu Miar :
Budak SD ge apaleun atuh yeh bulan sepetember teh usum hujan dasar pawang te guna.
Pak Lurah : Ibu- Ibu warga sekalian, kuring geus teu bisa
nanaon. Geus sagala ahli ku kuring di panggil tapi eweuh nu bisa nurunkeun hujan.
Ayeuna mah wayahna, margi bu Asep gaduheun keneh cai, dugi ka bulan
september urang nyuhunkeun cai ka bumi bu Asep.
Bu Asep :
Har ari kitu mah atuh teu adil pak lurah, kuamah mun engke cai di bumi abdi
seep, pokonamah teu rido abimah
Ce Ida
:Ulah kitu atuh bu, da mun
sumur kulit can saat mah urang ge pasti moal ukeun cai ka bu asep.. ulah
egois
Pak lurah : Bu asep
sanes ku kituna bu
Datang detektip
Detektip : Perhatian ibu-ibu bapak-bapak, ayeuna abdi bisa
mecahkeun masalah kakirangan cai di kampung ieu
Pak lurah : Cenah teu bisa nurunkeun hujan lin tip
Detektip : Emang teu bisa, tapi kuring apal kunaon smuur
kulit bet saat
Warga : Kunaon ?
Detektip : pas dipariksa geningan di sumur kulit teh aya nu
masang paralon, pas dituturkeun, paralon anu di kubur teh nyambung ka bumi nu
sisi jalan, anu wana koneng.jadipangna sumur eta saat teh da di sedot ku bumi
eta
Pak lurah : eta mah mereun bumi bu asep
Warga : paingan atuh bu asep mah tara kakurangan cai,
singhoreng mawaan tisumur kuli, kaden we agul ti PDAM
Bu Asep : Da abdi mah emang teterang, saur salaki abdi mah
eta cai teh mengan ti PDAM
Warga : HUUUUuuuu ...........
Hanya di ICG88.COM dimana kamu bisa mainkan berbagai permainan di HKB Gaming,IDNPLAY, dan Gudang Poker! tentunya dengan inovasi terbaik.gabung dan buktikan sendiri promo dan bonusnya :
BalasHapusBonus New Member 20%
* Min Deposit IDR 50.000,-
* Max Bonus IDR 300.000,-
* TurnOver 4X TO Termasuk Modal Dan Bonus
* Bonus Di Berikan Di Depan
* Jika Tidak Mencapai Ketentuan Bonus Maka Bonus Akan Di Tarik Melalui Nominal Withdraw
Bonus Deposit Kedua & Selanjutnya 5%
* Min Deposit IDR 50.000,-
* Max Bonus IDR 100.000,-
* TurnOver 5X TO Termasuk Modal Dan Bonus
* Bonus Diberikan Di Depan
Tunggu apa lagi,gabung dan dapatkan bonus serta jackpotnya!
hubungi kami di :
BBM : e3a9c049
LINE: icg88poker
Whattsapp : 081360618788