Sabtu, 03 November 2018

Naskah Drama Bahasa Sunda


Hujan

-Ceu Miar                                            -Isah, anak na ceu miar
-Pawang Hujan                                 -Ceu Ida
-Sarjana meteorologi                        -Ustadzah
-Pa Asep                                              -Bu Asep
-Pak Lurah                                           -Detektip


Dina Hiji poe si isah keur maca dongeng bari tarik di tepas imah

Isah        : Kacaritakeun jaman baheula aya hiji budak pahatu ngarana Sinderella. Menehna cicing       jeung Indung tere na anu galak kacida,  Isuk-isuk jedur manehna geus kudu nyangu jeung ngagorenga bala-bala. Atuh menahna sok nalangsa nepi ka nyurucud cai mata.

(Ningali budakna ngomong sorangan, ceu miar nyamperkeun bari gugutrut da geus tilu poe teu mandi. Bari mawa ember )

Ceu Miar              : Isah ari maneh keur naon ngomong sorangan, sugan gering kasaatan ? (Bari                                 gugutrut)
Isah                        : Ih si ema meni kitu ka budak teh. Isah keur latihan ngadongeng ma. Panan isuk teh                        isah praktek ngadongeng.
Ceu Miar              : Lah sagala teuing sakola teh, nggeus angguranmah pang ngalakeun cai juga ka                               lebak bisai kaburu beak ku batur. Ema teu kuat yeuh ararateul geus tilu poe can                                  mandi.
Isah                        : Emung ah ma, hoream. Ku ema we atuh.
Ceu Miar              : Eh budak teh ngedo-ngedo teuing. Pek siah seragam nu bodas moal di seseuh,                                                 mangkanning geus dua minggu tara kabagean cai jang nyeseuh.
Isah                        : Ih ulah kitu atuh ma, era isah teh began kelekna geus koneng.
Ceu Miar              : Heeuh matakna jugjuga geura bantuan ema ngala cai, nke ku ema nyeseuhna.                                                Urang keeuman ku bulao, sugan beunang  nu koneng na.
Isah                        : NYa atuh dieu ma...

Kacaritekeun isah indit bari mawa ember ka lebak pkeun ngala cai.

Ceu Miar              :  emh ieu buruan teh mani bala siga benget ABG( mawa sapu tuluy sasapu). Asa ku                          nalangsa hirup teh, geus dua bulan sumur saat, cai hese, duit hese, sakapeungmah                              sok gegebegan mikiran hutang ka kosipa bisi teu kabayar ( lagu kosipa)

Mangsa Ceu Miar keur beberesihih,  datang Ceu Neneng jeung Bu asep nu rek ngajak ngagosip di papangge imah.

Ceu Ida                                 : Beberesih wae ceu Miar,
Ceu Miar              : Eeh Teh ida, Bu asep nya yeuh tambih kesel we. Kadieu atuh urang ngobrol heula
Bu asep                : hyap atuh ah
Ceu Ida                                 : Kumaha nya kaayaan kampung urang teh, geus dua bulan teu hujan                                                       sumur geus sararaat asa ku ripuh kieu hidup teh. Jaba abi mah teu                                                            kebeuli cai-cai acan.

Ceu  Miar             : Puguh ge ceu, mng teu aya sumur kulit nu di lebak mah kamana mah neangan cai                            teh. Ari bu Asep mah mereun teu hese cai nya

Bu Asep           : Nya alhamdulillah we bu ari abi mah si aa na kersaan. Jadi basa ngawitan hese cai                             teh masang PDAM. Tara terang  mayarna-mayarna acan da si aa nu nguruskeun na ge.
Ceu Ida                    : Emh atuh resep si bapa mah keur teh PNS, kersaan deuih.

Teu lila si Isah datang bari mawa ember kosong

Isah                        : Emaaaa
Ceu miar              : Naon atuh isah maneh teh gogorowokan, teu sopan angguranmah salim tah
Isah                        : Ma sumur na ge saat ma, eweeuh caian pisan
Ceu Ida                  : Innalillahi wainnailaihi rajiun,
Ceu Miar              : Eleuh kumaha atuh ieu teh, kamana deui ngala cai.
Bu asep                : sing saba ibu-ibu, saenyana abi teu ngaraoskeun hese cai ge, sedih abi mah.
Ceu ida                : Ayeuna mah urang laporan we atuh yap ka bu lurah sugan gaduh jalan kaluarna.

Ceu Miar, Bu Asep, Isah jeung isah ngadatangan imah pak lurah pikeun ngalaporkeun masalah sumur saat.

Ceu Ida                 : Assalamualaikum
Pak lurah             : waalaikum sallam, aya naon ieu teh ibu-ibu

Bu asep                : kieu pak, saurna sumur kulit di lebak anu sok dijadikeun tempat ngala cai ku warga teh saat, abdi pribados mah teu masalah dan teu kakirangan mung ieu waga nu sejen karunya janten teu terang kumaha cara ngala cai.

Pak lurah             : Oh kari kitu mah, saur hemat abdi, urang teh kedah ngantosan hujan

Ceu Ida                   : Ari bapak teu hideng sugan, abdi ge terang pak, mung hoyong cai urang                                    kedah ngantosan hujan,  tapi ayeuna mah panan usum halodo, mereun                                            urang tehkudu nungguan opat bulan deui nyah.

Pak lurah             : Sabar heula ibu-ibu maksad abi teh, ayeuna abi bade ngusahakeun sangkan di kampung ieu enggal aya hujan. Sok ayeunamah bewarakeun ka sararea, sing saha jalma anu bisa ngadatangkeun hujan , bakal di bere hadiah gede tina kas desa.

Ngadatangkeun rupa-rupa jelema pikeun nuruneun hujan di kampungna

Dina poe kahiji manehna ngadatangken sarjana
Sarjana                                 : Nepangkeun abdi ahi klimatologi jeung geofisika lulusan ti Harpad universiti nu aya di newyork siti.

Warga                   : Sok atuh silaing berati jalma ngarti. Menurut silaing kunaon di kampun gieu teu                               turun hujan.

Sarjana                 : Menurut penelitian abdi, salah satu penyebab kunaon di kampung ieu teu turun                             hujan nyaera hembusan angin muson timur anu ngaliwatan gurun sahara can mawa uap cai pikeun nurunkrun hujan. Dina etangan abdi ge, kelembaban jeung suhu udara di kampung ieu masih kurang mun dibandingkun kana barometer  jeung can nepi kana kondensasi uap cai di udara.

Pak lurah             : Har, kuring teu ngarti naon nu di obrolkeun ku silaing, ngan intina kuring hayang                             nanya bisa teu silaing nurunkeun hujan di kampung ieu?

Sarjana                                 : hapunten pa, mung abdi teh sanes tuhan.
Pak lurah             : geus ngomong kitu kieu, ari teu bisa mah pokpok we. Teu guna  boga elmu teh,                               indit siah.

 ###############################################################################

Nu kadua datang hiji ulama anu ngaku nal tur sok ceramah keliling Indonesia . Poe kadua anjeuna mawa ustadzah. Ibu ibu jeung pa lurah ngariung ngupingkeun ustadzah ceramah


Ustadzah :           salaah sawios cara Alloh masihan pieling ka umatnya nyaeta ku balai atanapi       musibah, panginten ayeunamah urang sasarengan shalawatan sangkan alloh masihan urang sararea kasalametan tur enggal nurunkeun hujan di ieu kampung.

Ceu Miar : Kieu nya bu ustadzah ayeuna abdi sareng warga manggil ibu teh sanes hoyong ngupingkeun ceramah wungkul. Abdi teh hoyong nyuhunkeun du’a supados kampung abdi enggal enggal diturunkeun hujan.

Pak Lurah: Muhun Bu ustadzaah, kitu saur hemat abdi ge. Kinten kinten iraha aya na hujan teh
Ustadzah: pami dina kitu na mah teu tiasa mastikeun pa, bu da sagala na teh teu langkung gusti Alloh. Mung sakitu panginten abdi kaleresan aya panggilan sukuran di nu sejen. Wasalamualaikum wr.wb

Bu Asep : Aeh aeh meni rurusuhan itu si bu ustadzah teh ek kamana ceunah
Poe katilu pak lurah manggil detektip swasta,

Pak lurah : nah detektip, kuring hayang anjeun pangneangankeun kumaha carana sangkan kampung ieu turun hujan

Detektip ; Hampura we pak, da simkuring teh lain pawang hujan. Lamun mecahkeun kasus mah bisa we, tapi ari nurunkeun hujan mah lain bagen nana.

Pak lurah : ai silaing koh detektip serba bisa tapi ning dititah kieu wae teu bisa, balik siah


Margi hujan teu turun wae, akhirna pak lurah manggiil pawang hujan.

Pawang hujan jeung pa lurah ngumpulkeun sadaya warga di bale desa sapertos biasa. Ceunah mah baade ngayakeun ritual hujan sangkan hujan turun.

Pawang hujan   : Salah sahiji cara pikeun ngadatangkeun hujan nyaeta ngayakeun ritual  tarian hujan, margi kaayaan na rumayan beurat, abdi nyuhunkeun sadaya warga  ngiringan tarian hujan ieu.
(Sadaya warga ngiriangan tarian hujan, tarian nana nari tik tik tik bunyi hujan )

Pawang hujan                   : Tah ayeunamah urang tos ngalakukeun tarian hujan, ayeunamah tinggal                                            antosan we, kira-kira bulan september awal di kampung ieu pasti turun hujan

Ceu Miar              : Budak SD ge apaleun atuh yeh bulan sepetember teh usum hujan dasar pawang te guna.

Pak  Lurah           : Ibu- Ibu     warga sekalian, kuring geus teu bisa nanaon. Geus sagala ahli ku kuring di panggil tapi eweuh nu bisa nurunkeun hujan. Ayeuna mah wayahna, margi bu                   Asep gaduheun keneh cai, dugi ka bulan september urang nyuhunkeun cai ka bumi                           bu Asep.

Bu Asep               : Har ari kitu mah atuh teu adil pak lurah, kuamah mun engke cai di bumi abdi seep,                           pokonamah teu rido abimah

Ce Ida                   :Ulah kitu atuh bu, da mun sumur kulit can saat mah urang ge pasti moal  ukeun cai ka bu asep.. ulah egois

Pak lurah  : Bu asep sanes ku kituna bu

Datang detektip

Detektip : Perhatian ibu-ibu bapak-bapak, ayeuna abdi bisa mecahkeun masalah kakirangan cai di kampung ieu

Pak lurah : Cenah teu bisa nurunkeun hujan lin tip

Detektip : Emang teu bisa, tapi kuring apal kunaon smuur kulit bet saat
Warga : Kunaon ?

Detektip : pas dipariksa geningan di sumur kulit teh aya nu masang paralon, pas dituturkeun, paralon anu di kubur teh nyambung ka bumi nu sisi jalan, anu wana koneng.jadipangna sumur eta saat teh da di sedot ku bumi eta

Pak lurah : eta mah mereun bumi bu asep

Warga : paingan atuh bu asep mah tara kakurangan cai, singhoreng mawaan tisumur kuli, kaden we agul ti PDAM

Bu Asep : Da abdi mah emang teterang, saur salaki abdi mah eta cai teh mengan ti PDAM

Warga : HUUUUuuuu ...........
               

               
               


1 komentar:

  1. Hanya di ICG88.COM dimana kamu bisa mainkan berbagai permainan di HKB Gaming,IDNPLAY, dan Gudang Poker! tentunya dengan inovasi terbaik.gabung dan buktikan sendiri promo dan bonusnya :

    Bonus New Member 20%
    * Min Deposit IDR 50.000,-
    * Max Bonus IDR 300.000,-
    * TurnOver 4X TO Termasuk Modal Dan Bonus
    * Bonus Di Berikan Di Depan
    * Jika Tidak Mencapai Ketentuan Bonus Maka Bonus Akan Di Tarik Melalui Nominal Withdraw

    Bonus Deposit Kedua & Selanjutnya 5%
    * Min Deposit IDR 50.000,-
    * Max Bonus IDR 100.000,-
    * TurnOver 5X TO Termasuk Modal Dan Bonus
    * Bonus Diberikan Di Depan

    Tunggu apa lagi,gabung dan dapatkan bonus serta jackpotnya!

    hubungi kami di :
    BBM : e3a9c049
    LINE: icg88poker
    Whattsapp : 081360618788

    BalasHapus